Jumat, 16 Mei 2014

CONTOH SURAT PRIBADI DAN DINAS DALAM BAHASA SUNDA

Bekasi, 23-maret-2014

Ka hatur
Nu dipikasono bella
Di Bandung

Salam deudeuh
Kumaha damang ? sabada dua taun urang tos papisah sakola, mugia salira kasih kulawarga aya dina ginanjar kawilujengan . atuh kuring di sumedang oge aya dina kaayaan sehat .
            Sanona mah kuring di dieu, biasana lia nanaon henteu elmu nu kuring dipikaboga urang ngerjakeun pr babarengan, lieur babarengan, ayeuna mah urang tos pisah sakola, pisah lembur, mugi-mugi orang sadaya sareng rerencengan nu lian tiasa patepang ririungan deui, amin ya’rabbal’alamin .
Sakieu heula surat ti kuring sanes kuring teu sono mung panangan tos cangkeul nulis hehe..
Diantos surat walerenna



                                                                                                           

 Kuring nu sono
                                                                                                       SELLA
                                                                                      ( sella )



PAMARENTAH KABUPATEN SUMEDANG
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 1 SUMEDANG
Jl. Prabu Geusan Ulun No. 39 Sumedang
------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Sumedang,20 April 2013

Nomor  : 13/12/SMA1/2013
Lampiran         : -
Perihal  : Uleman rapat

Kahatur
Orang tua/wali siswa Kelas XII
di
Tempat

Assalamualaikum Wr.Wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Dina harepan urang sadaya dina kaayaan sehat walafiat.Amin. Salajengna dina rangka persiapan Ujian Nasional (UN) siswa-siswi kelas XII SMA Negeri 1 Sumedang 2012/ 2013. Aya hal-hal anu penting anu kedah disawalakeun ka Bapa/Ibu orang tua murid, kukituna sim kuring salaku Kapala Sakola, ngulem Bapa miwah Ibu supados sumping dina acara rapat nu bade dilaksanakeun:

Dinten/Kaping  : 26 April 2013
Tabuh  : 09:00/10:30
Tempat         : Graha Adinira SMA Negeri 1 Sumedang

Kumargi pentingna acara ieu, diharepkeun kahadirannana. Hatur nuhun kana perhatosannana.
Wassalamualaikum.Wr.Wb





Kapala sakola





Dra. Asep Edi, M.pd
NIP. 19880202 199901 1 001




Tidak ada komentar:

Posting Komentar